Kapribadian jelema bisa ditingali tina kumaha cara manéhna ngadahar tahu, dipedar di handap ieu:
1. *KONSERVATIF* : am dahar tahu, terus ngégél céngék.
2. *PROGRÉSIF* : Ngégél céngék heula, terus ngahuapkeun tahu
3. *SPÉKULATIF* : Manggih céngék terus digayem, da susuganan bakal manggih tahu
4. *IMAJINATIF* : Can gé dahar tahu jeung céngék, geus seuhah jiga nu lada
5. *OPTIMIS* : Ngarasa yakin bakal aya nu méré tahu, matakna ngaheulakeun ngagayem céngék
6. *NÉKAD* : Ngagayem céngék 20 siki bari teu jeung ngadahar tahu
7. *ITUNGAN* : Méméh am dahar, ngitung heula jumlah tahu kudu kelipatan 2 jeung jumlah céngék
8. *OPORTUNIS* : Mamawa céngék bari ngadeukeutan tukang tahu , sugan jeung sugan dibéré tahu haratis
9. *DRAMATISIR*: Tas dahar tahu céngékna loba teuing, terus cirambay bari ngésot ngadeukeutan dispénser
10. *SOMBONG*: Méméh am, nyarita ka saréréa "Tempo yeuh, kuring rék dahar tahu jeung céngék!"
11. *KAPITALIS* : Manggih céngék langsung dipelakeun, sugan geus buahan bisa dijual, hasilna keur meuli tahu
12. *FANATIK* : Lamun nempo batur dahar tahuna béda, sok langsung ngambek
13. *KRITIS* : Saméméh am, sok nanya "Kunaon lamun dahar tahu kudu jeung céngék? Naha teu bisa ngadaharna jeung Rhemason? Panan sarua panasna?
14. *PERFECSIONIS*: Samemeh tahu jeung cengek dihuapkeun, dikumbah heula ku lisol atawa alkohol.........mabok.
15. *MÉLANKOLIS* : Rék am dahar tahu, kadupak batur, tahuna ragrag, terus ceurik bari nyanyi " Betapa Malang nasibku".. semenjak ditinggal tahu..
16. *KEKINIAN*
Barang dahar Tahu jeung Cengek trus diaplod di yutub.
17. *LEBAY*
Barang dahar Tahu jeung cengek bari Salto...trus ngagoler...
wilujeung ngopiiiii
![]() |
| Ngopi barudak! |

Show Disqus Comment Hide Disqus Comment